Karena Hidup Tak Semudah Naheur Cai
Sumpah aingah lieur ku kahirupan ciga
kieu teh. Aslina, mang. Asa hayangna teh hirup jongjon, duit loba, pangabutuh eweh
jeung istri nu, hmmm.. sholehah, subur, makmur, josh. Tapi da kumaha deui nyak, geus kudu
kieu kaayaana. Duit hese diteangan. Awewe kabeh ngajarauhan da teu gableug
duit. Babaturan? teuinglah da saruana ripuh ciga aing meren. Sedih.
Solusi aing pas keur kahirupan rada
bosen, sebosen nonton Raffi Ahmad di tv, mending naheur cai weh. Aslina ieu mah, mang. Naheur cai. Geus kitu
hungkul. Teu kudu ngaluarkeun duit loba atau gerak gesit. Cukup simpen cai dina
panci terus teuneun dina luhur kompor. Dagoan nepi ka panas. Tah mun geus
ngagolak, heeh, ancrub weh sia, Insya Allah awak maneh berubah dari Super
Saiya.
Naheur cai kerap menjadi solusi yang
paling paripurna dari semua permasalahan yang ada. Teu percaya? Hayang nginum,
naheur cai heula. Hayang mandi ngenaheun, naheur cai heula. Hayang cikopi, kudu
naheur cai heula. Hayang awewe? ngaca heula aisia lain naheur cai belegug!
Tapi ku naheur cai ge bisa sih
sabenerna jadi solusi tina kejombloan maneh. Teu percaya ? coba weh naheur cai
terus banyurkeun kana beungeut sia. Teu butuh waktu lila, awewe bakal
nyalampeurkeun ka maneh. Aslina, wa. Enya nyampeuran keur ngucapkeun
“shadaqallahula’adzim”.
Asli ieu mah, ayeuna mah teu bohong.
Lamun maneh teu yakin dengan kekuatan Maha Agung dari naheur cai bisa mengatasi
permasalahan maneh, maka maneh can bisa jadi manusia seutuhnya. Sabab naheur
cai adalah suatu kegiatan yang ngeunaheun, komo bagi pengangguran mah, minimal
aya tungguaneun tah.
Coba bayangkeun lamun seorang
pengangguran teu naheur cai, paling kegiatana teh cuman ngalamun, terus molor.
Mending tina ngalamun jeung molor eta menang duit, nu aya malah lieur mikiran
hutang. Tah setidaknya dengan naheur cai, seorang pengangguran rada saeutik
naek harkat jeung martabatna, kusabab aya saeutik kegiatan nu mangpaat.
Salianti pengangguran, naheur cai oge
adalah salah satu ujian di depan calon mitoha. Ketika maneh teu bisa gawe
neangan duit, atau teu bisa ngaji-ngaji acan, tah minimal atuh maneh bisa
naheur cai mah. Lamun teu bisa, aslina ngerakeun pisan, mang. Mending kubur-kubur
hidup ti ayeuna keneh. Tapi lamun bisa naheur cai secara sempurna, mitoha ge
bakal standing applause ka maneh.
Aslina, mang. Karena
itu, naheur cai bagi seorang calon suami adalah syarat sah yang harus dipenuhi.
Heeh siap, mang.
Kusabab eta, pesen ti urang, ulah
waka babalagaanlah ai maneh can bisa keneh naheur cai mah. Mending ngajedog di
imah. Ieu mah aya preman, tatona saawak-awak, buukna kos eurih, tindik dina cepil sagede
kalapa, ai naheur cai teu bisa.
Bagoy! Ka jalma nu kitu ku aingah
didoakeun sing modol angkot!
Atuh da keheul. Hayoh weh malakan duit
di pasar, pas dititah naheur cai ku indungna teu bisa. Panan nu kitu mah wajib
diguyur make bon cabe kana beungeutnaaaaa.
Karena itu, sudah menjadi kewajiban
untuk kita agar menjadi pribadi-pribadi yang bisa naheur cai secara profesional,
yang secara sukarela neuneun panci di atas kompor terus nungguan nepi ka cai ngagolak.
Jika sampai kita teu bisa naheur cai sesyahdu itu, maka bolehlah saya nyatakan
kepada khalak sekalian bahwa sia adalah manusia nu pangbelegugna saalam dunya!
Protes? naheur cai heula sing baleg
aisia!
Selain menjadi sumber solusi,
ternyata naheur cai ge pangkal inspirasi. Si Thomas Alva Edison bisa nemukeun
mesin uap tinamana sok ? ti naheur cai, mang! Naha si eta beut bisa kitu ?
kusabab ketika seseorang nungguan cai nepi ka ngagolak, maka imajinasinya akan
aktif. Akal bakal melayang-layang. Pikiran akan pokus. Maka, jelema nu pinter
mah biasana naheur caina alus. Jadi, baik-buruknya otak jelema, ditentukeun
dina alus-henteuna naheur cai.
Ieu mah aslina. Adi urang heeh,
naheur caina ter-rapih, tersistematis, terstruktur sempurna, panan ayeuna teh
hayoh weh jadi juara kahiji di kelasna. Tapi dulur urang, anakna bibi urang,
eta anying naheur caina meni boloho, hasilna nyaa kitu, teu naek kelas dua
kali.
Karena itu, ulah jauh-jauh teuing
ayeuna mah keur neliti kemampuan otak jelema, geus weh ayeuna mah titah ku
naheur cai. Lamun alus hasilna, berarti otakna hade. Lamun butut, omat eta
budak omean tuluy ajarkeun
cara naheur cai yang baik dan benar bisi masa depana ancur aisia!
Naheur cai adalah kunci kesuksesan.
Post a Comment